Ngalarap Materi Parukunan Sunda Kana Struktur Biantara
اَسَّلَامُ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ اللهِ وَبَرَكَاتُهُ
بِسْمِ اللهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ
اَلْحَمْدُ للهِ رَبِّ الْعَالَمِيْنِ وَبِهِ نَسْتَعِيْنُ عَلَى اُمُوْرِ الدُّنْيَا وَالدِّيْنِ وَالصَّلَاةُ وَالسَّلَامُ عَلَى اَشْرَفِ الْاَنْبِيَاءِ وَالْمُرْسَلِيْنَ سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى اٰلِهِ وَصَحْبِهِ اَجْمَعِيْنَ اَمَّا بَعْدُ
وَقَالَ اللهُ تَعَالَى : اِنَّ الدِّيْنَ عِنْدَ اللهِ الْاِسْلَامُ ، وَقَالَ تَعَالَى : وَمَا خَلَقْتُ الْجِنَّ وَالْاِنْسَ اِلَّا لِيَعْبُدُوْنِ ،
قَالَ رَسُوْلُ اللهِ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ : طَلَبُ الْعِلْمِ فَرِيْضَةٌ عَلَى كُلِّ مُسْلِمٍ وَمُسْلِمَةٍ
Anu ku sim abdi dipika hormat Bapak Ervin Kurniawan S.Pd salaku kepala sakola SMP Islam Ar-Ridho oge anu ku sim abdi dipika hormat Bapak Sayyidal Jam'at salaku guru basa sunda abdi oge teu hilap bapak ibu sareng baturan sadayana.
Puji sinareng syukur hayu urang sanggakeun ka gusti Allah S.W.T Sholawat sinareng salam mugi dilimpah curahkeun ka baginda besar Nabi Muhammad SAW
Hadirin sadayana kumaha damang? Mugi hadirin sararehat Sadayana Amin Ya Rabbal Alamin.
Bapak Ibu hadirin sadayana abdi bade nerangkeun perkara anu aya dina parukunan sunda salah sahijina nyaeta Cirina Islam jeung Ngaran iman :
Ari Cirina Islam teh eta aya opat rupa, hiji Tawadu' tegesna ngarendahkeun diri, kadua ngaraksa lisan tina ngabohong, katilu ngaraksa hate jeung awak tina toma jeung sarakah ; ka opat ngaraksa beuteung tina ngadahar perkara anu haram.
Ari ngaran Iman nyaeta Ngabenerkeun ku hate kana Perkara anu dicandak ku Kanjeng Nabi Muhammad Shollallohu 'alaihi wasallam kalawan henteu kudu dipikir deui. Atawa ngabenerkeun ku hate ngucapkeun ku lisan Meraktekeun ku anggota kana naon dua perkara anu di candak ku Kanjeng Nabi Muhammad Shollallohu 'alaihi wasallam.
Mung sakitu anu tiasa kapihatur perkawis Cirina Islam sareng ngaran iman, Hapunten abdi hapunten bilih aya cariosan anu kirang mernah tina lisan.
وَبِاللَّهِ التَّوْفِيقُ وَالْهِدَايَةُ ، وَالسَّلَامُ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ اللَّهِ وَبَرَكَاتُهُ


Komentar
Posting Komentar